Padamelan Rasul-rasul 10
Di Kesarea aya hiji kapala pasukan Rum anu disebutna "Pasukan Itali", ngaranna Kornelius.
Jelemana ibadah, tur jeung sakulawargana ngabarakti ka Allah, jeung loba tutulungna ka urang Yahudi anu mariskin, sarta rajin neneda ka Allah.
Dina hiji sore kira-kira pukul tilu, dina tetenjoanana aya malaikat Allah nembongan sidik pisan jeung ngagentraan, "Kornelius!"
Kornelius neuteup semu sieun, pok ngawalon, "Aya pikersaeun naon, Juragan?" Waler malaikat, "Doa paneda jeung lampah maneh tutulung geus katarima ku Allah, ku Mantenna baris dimakbul.
Geura nitahan jelema ka Yopa, angkir jalma anu ngaran lengkepna Simon Petrus,
anu ayeuna keur natamu di tukang nyamak kulit ngaran Simon, imahna di sisi laut."
Sanggeus malaikat mulih, Kornelius nyalukan bujangna duaan, jeung hiji serdadu kadeuheus tur ibadah.
Sanggeus dibejaan hal kajadian bieu tuluy dititah ka Yopa.
Poe isukna kira-kira tengah poe, waktu eta jurungan geus rek narepi ka Yopa, Petrus unggah ka loteng seja sembahyang.
Bet ngadadak ngaraos lapar hoyong barangtuang. Sabot tuangeunana disadiakeun, anjeunna aya titingalianana,
ningali langit muka, seug aya nu turun jiga lawon rubak ditalian opat juruna, diulur nepi kana taneuh.
Breh eusina tembong, rupa-rupa sato, sato-sato nu ngarayap, jeung manuk-manuk haram.
Geus kitu aya soara, "Geura cengkat, Petrus, eta peuncit, tuluy dahar!"
Waler Petrus, "Paliyas, Gusti! Abdi mah tara neda barang haram atanapi najis."
Saur soara deui, "Anu geus dihalalkeun ku Allah, ku maneh ulah diharamkeun."
Kituna teh nepi ka tilu kali, geus kitu eta barang teh ditarik deui ka langit.
Sabot Petrus ngamanahan pihartieun titingalieunana, jurungan Kornelius geus narepi ka imah Simon, narangtung hareupeun lawang,
pupuntenan jeung nanyakeun, "Leres kitu di dieu aya tatamu anu jenenganana Simon Petrus?"
Petrus masih ngamanahan keneh pihartieun titingalieunana. Geus kitu Roh Allah nimbalan ka anjeunna, "Itu maneh aya anu neangan tiluan!
Buru-buru turun, jung kaditu milu ulah asa-asa, sabab Kami anu nitah maranehna ka dieu."
Petrus geuwat lungsur. "Ieu, Bapa," saurna ka semah, "aya perlu naon?"
Walonna, "Abdi-abdi piwarangan Kornelius. Anjeunna jalmi berbudi anu ngabakti ka Allah, sareng kalintang dihormatna ku sadaya urang Yahudi. Anjeunna kenging timbalan malaikat Allah kedah ngahaturanan Juragan ka bumina, supados tiasa ngadangukeun pilahir Juragan."
Semah ku Petrus diangken sina meuting di dinya. Poe isukna Petrus angkat jeung nu neang, dibarengan ku sawatara urang Yopa anu sakapercayaan.
Poe isukna deui anjeunna geus sumping ka Kesarea, keur didago-dago ku Kornelius anu geus ngondangan sanak baraya jeung sobat-sobatna.
Barang Petrus sumping, Kornelius muru, munjungan mani tapak deku.
Ku Petrus dicepeng sina nangtung, saurna, "Ngadeg! Bapa oge sami manusa."
Bari lebet Petrus sasauran terus ka Kornelius. Di jero geus loba jelema.
Saur Petrus ka maranehna, "Aranjeun tangtos aruninga, urang Yahudi ku agamana dilarang natamu atanapi cacampuran sareng bangsa sanes. Tapi Bapa kenging pituduh ti Allah yen teu kenging nganggap najis atanapi haram ka sasama jalmi.
Eta margina waktos anjeun ngangkir Bapa teh, Bapa henteu kaabotan. Ayeuna Bapa tumaros, naon maksadna nu mawi ngangkir teh?"
Walon Kornelius, "Tilu dinten nu nembe kalangkung kinten-kinten wayah kieu, tabuh tilu sonten, abdi nuju sembahyang di rorompok. Jleg aya anu ngadeg di payuneun, panganggona herang-mencrang,
ngalahir kieu, ‘Kornelius! Doa paneda jeung lampah maneh tutulung geus katarima ku Allah. Mantenna baris ngamakbul.
Geura nitahan jelema ka Yopa, angkir jelema anu ngaran lengkepna Simon Petrus, anu keur natamu di tukang nyamak kulit ngaran Simon, imahna di sisi laut.’
Harita keneh oge enggal abdi ngajurungan. Hatur nuhun kana kasaean Bapa parantos kersa sumping. Ieu anu karempel di payuneun Allah, sadayana ngajeng-ngajeng pisan hoyong ngupingkeun timbalan Allah ti Bapa."
Petrus ngalahir, "Parantos tetela ka Bapa, yen mungguh di Allah mah jalmi teh sami.
Bangsa naon oge upami ngabakti ka Mantenna sareng hade kalakuanana mah tangtos ku Mantenna diangken.
Aranjeun tangtos parantos aruninga kana embaran ti Allah anu diembarkeun ka urang Israil, nya eta Injil Kasalametan anu nengtremkeun jiwa sakur anu anut ka Yesus Kristus, Gusti sakumna manusa.
Tangtos aruninga kana kajadian penting di sakuliah tanah Israil anu diawitan ti Galilea, saparantos Yohanes ngembarkeun perkawis baptisan.
Sareng tangtos aruninga perkawis Yesus urang Nasaret anu ku Allah dipaparin Roh Suci sareng dipaparin kakawasaan. Anjeunna nyebarkeun kasaean ka mana-mana, sareng nyageurkeun jalmi-jalmi anu diraksuk ku Iblis, margi Anjeunna disarengan ku Allah.
Sagala perkawis anu ku Anjeunna dipidamel di tanah Israil sareng di Yerusalem, Bapa sareng babaturan saksina. Anjeunna ditelasan ku urang Yahudi, dipaku dina kayu salib.
Nanging dina katilu dintenna ti saparantos pupus, ku Allah dihirupkeun deui lajeng diebrehkeun.
Nanging diebrehkeunana henteu ka sadayana, mung ka sawatara urang anu ku Allah parantos dipilih baris jadi saksi, nya eta Bapa sareng babaturan, anu kantos dahar nginum sareng Anjeunna saparantos Anjeunna gugah tina pupus.
Bapa sareng babaturan ku Anjeunna dipiwarang ngembarkeun Injil Kasalametan sareng mertelakeun yen Anjeunna teh ku Allah parantos dijenengkeun hakim sakumna manusa, boh anu harirup keneh boh anu parantos maraot.
Nabi-nabi sadayana anu nyaurkeun perkawis Anjeunna netelakeun yen anu percaya ka Anjeunna bakal dihampura dosana ku kakawasaan jenengana-Na."
Sabot Petrus ngawulang keneh, Roh Suci lungsur ka nu keur ngararegepkeun piwulangna.
Urang Yahudi anu geus sakapercayaan anu ngarencangan Petrus ti Yopa hareraneun, dumeh nu lain bangsa Yahudi oge ku Allah dipaparin Roh Suci,
marake basa-basa sejen ngamulyakeun kaagungan Allah. Petrus ngalahir,
"Ieu dulur-dulur geus narampa Roh Suci cara urang. Saha anu bisa ngahalang-halang lamun ayeuna dibaptis ku cai?"
Petrus miwarang supaya maranehna dibaptis kalawan pajenengan Yesus Kristus. Geus kitu Petrus ku maranehna dicandet supaya linggih heula di dinya sawatara poe.